‘Wajib
Belajar Salapan Taun’
Assalamualaikum
wr. wb
Assholatu wassalamu ala ashsrofil anbiya’i warmulsolin
wa’ala alihi washohbihi azmain ama badu. Ibu guru pangajar basa sunda nu di
pikahormat ku sim kuring sareng rerencangan sadaya nu di pikacinta ku sim
kuring.
Puji
sinareng syukur hayu urang panjatkeun ka allah SWT ku lantaran nikmat sareng
hidayahna urang sadayana tiasa ngumpul dina ieu kasempetan. Teu hilap sholawat
sinareng salam mugia salamina di
lungsurkeun kajungjunan urang sadaya, nabi muhammad SAW, kapara
kulawargina para sahabatna sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi kaakhir
jaman. Amin ya robal alamin
Para hadirin nu dimulyakeun ku allah dina kasempatan
ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan pendidikan. Pendidikan teh kacida pryogina tur penting
pisan marggi pendidikan wajib hukumna. Dina minimal na teh nepi ka 9 taun.
Program wajib salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun tujuan pemerintah
ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajib belajar salapan taun teh
sanes kanggo ngahontal cita cita bangsa indonesia anu kaunggel dina tujuan
pendidikan nasional tapi nyaeta ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina
babasaan urang namah manusa anu cageur, bageur, bener,pinter tur singer.
Para
hadirin nudi muliakeun ku allah khususna umat islam program belajar teh
diwajibkeun tur teu di wabesanan salapan taun tapi wajib ti kawit di babarkeunn dugi ka urang maot. Ieu
program pamarentah moal tiasa ka laksana upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masyarakat
utamina para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi 15 taun. Mugi mugi
ku cara rempug jukung sayonan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat tikawit
pajabat dugi ka rahayat ieu program tiasa kalaksanakeun kalayan hasil nu
nyemageun.
Para hadirin nu di mulyakeun rupina mung sakitu nu
kapihatur ku sim kuring, bilih aya catur nu ngalantur aya basa nu teu luyu sareng tatakrama mugia sadaya jembar manah
ngahapunteun. Hatur nuhun tina sadaya perhatosanana.

0 comments:
Post a Comment